Lirik Duriat Madinah Doel Sumbang

Waktu urang patepung deudeuh
Layung koneng mayungan Masjid Nabawi
Dikersakeun ba'da maghrib urang wanoh
Nu jadi saksina Madinah al Munawaroh

Ku kersaning nu Maha Suci
Paamprok di dina tawaf jeung sa'i
Teras pada mengtangtu ka di multajam
Mihareup duaan deukeut silih pikaheman

Duriat ka anjeun jeung tanah suci
Duriat nu gumulung dina ati
Duriat ka anjeun jeung tanah suci
Duriat nu ngaguruh dina ati

Rukun yamman hajar aswad
Hijir ismail jeung anjeun
Ngawangun rasa kasono
Moal bosen moal poho

Geuning aya ridho Gusti
Ayeuna urang ngajadi
Hoyong napak tilas deui
Jaga mun ibadah haji
Lirik Duriat Madinah Doel Sumbang
Lirik Duriat Madinah Doel Sumbang